Kamana iteung

kamana iteung ost si kabayan saba kota
Dulur sadayana ieu lagu kabayan kamana iteung meni waas.. lagu anu nineung ka leungitan nyi iteung bilih bade ngadangukeun laguna sok download mp3 na,



Kamana iteung lirik lala yuliara

Iteung........iteung......

Kamana iteung kamana
kamana kudu neangan
Piraku lalih piraku
piraku lalih ka akang

Piraku tega ningalkeun
Akang mah bingung nyorangan
Atuh kumaha duh iteung
Akang hariwang

Dimana iteung dimana
Dimana teuing dimana
Naha beut miang nyorangan
miang Kadungsang -dungsang

Naha beut luas ningalkeun
Iteung teu puguh rarapan
Atuh dimana duh iteung
matak koncewang

Kapan janji moal pa anggang
babareungan hirup dikampung
kampung liuk pangbalikan
dunya urang...
panineungan

Kapan janji mangharep
masa depan
moal incah
balik lahan

Lembah endah hejo lembok
Pangrereuhan
Duh pasundan.....

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Download Mp3 lagu irwan ernawan

Tatarucingan si cepot

Filem Si Kabayan Dan Anak Jin (1991)