SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan. Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup. “Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya. “Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya. “Kasusah naon?” Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. “Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.” “Enya, ngan kumaha carana?” “Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!” “Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.” “Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?” “Naon atuh, nya?” “Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila ha